Selasa, 02 April 2013

Kecap Rajékan Dwiréksa, Trilingga & Binarung Rarangkén

Label: Selasa, 02 April 2013
Kecap Rajékan Dwiréksa

Kecap rajékan dwiréksa (dwi = dua, réka = rupa) nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari salahsahijina aya nu robah sorana.

Contona: tulang + R -------> tulang-taléng
                 Balik   + R  -------> bulak-balik

Guna jeung hartina, di antarana:
1. “Rajeun téh barangbéré, mere tulang-taléng.”
Ngarajék dwiréka di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘loba/rupa-rupa…’.

2. “Ayeuna mah manéhna téh bulak-balik baé ka dieu.” 
Ngarajék dwiréka di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘remen ngalakukeun…’.
Conto séjéna: pundah-pindah, sura-seuri, dulak-delék

3. “Kadé si Éta mah sok pulang-paling.”
Ngarajék dwiréka di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘remen/biasa ngalakukeun pagawéan teu tangtu objékna’.
Conto séjéna: puak-paok, ula-ala, cukat-cokot

4. “Ari balik sakola téh ulah sok terus udar-ador.”
Ngarajék dwiréka di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun pagawéan teu puguh tujuan’.
Conto séjéna: utrak-atrok, luntang-lantung, lantrak-lintrik.

5. “Kuring ogé osok kurung-karang di imah mah.”
Ngarajék dwiréka di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘ngalakukeun pagawéan teu tangtu objékna’.
Conto sejena: tulas-tulis, bucu-baca, kupat-kaput


Kecap Rajékan Trilingga
Kecap rajékan trilingga (tri = tilu, lingga = tugu, tanda) nyaeta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Biasana wangun dasarna téh mangrupa kecap anteuran atawa tiruan sora.

Contona: dor + R --------> dar-dér-dor
                 blug + R --------> blag-blig-blug

Guna jeung hartina, di antarana:

1. “Manéhna nyarita hah-héh-hoh.”
Ngarajék trilingga di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘remen/terus-terusan ngaluarkeun sora …’.
Conto séjéna: prat-prét-prot

2. “Barudak blag-blig-blug lantaran lumpat di nu leueur.”
Ngarajék trilingga di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘loba/remen aya dina kaayaan …’.
Conto séjéna: plak-plik-pluk


Kecap Rajékan Binarung Rarangkén

Kecap rajékan binarung rarangkén nyaéta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna bari dirarangkénan. Bisa ogé disebut kecap rajékan anu dirarangkénan.

Contona: alus + sa- R  --------->  saalus-alus
                 alus + pa- R --------->   paalus-alus
                 bogoh + R –an --------->  bobogohan
                 kadali + R  –eun --------->   kakadalieun
                alus + sa- R  -an --------->  saalaus-alusna

1. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén pa- R
Kecap rajékan binarung rarangkén pa- R nyaéta kecap rajékan anu dikantétan ku rarangkén hareup pa-.

Guna jeung hartina, di antarana:

1.  “Barudak pajauh-jauh malédog di sisi laut.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘migawé supaya leuwih … ti nu séjén’.
Conto séjéna: patarik-tarik, paluhur-luhur, paalus-alus

2. “Néng Azka keur pakaléng-kaléng jeung adina.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘pabales-bales/silih- …’.
Conto séjéna: papelong-pelong, patangkeup-tangkeup

3. “Geuning Si Ujang jeung Si Nyai téh kalah paheneng-heneng.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘loba dina kaayaan silih- …’.
Conto séjéna: pahuleng-huleng, padago-dago, patutur-tutur

4. “Engké pasosoré kuring rék ngojay di Cibulakan.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘dina waktu …’.
Conto séjéna: pabeubeurang, pasusubuh

2. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén sa- R
Kecap rajékan binarung rarangkén sa- R nyaéta kecap rajékan anu dikantétan ku rarangkén hareup sa-.

Guna jeung hartina, di antarana:

1. “Sabisa-bisa manéh kudu balik heula ka Warungbuah.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap pagawéan (aktif) nu hartina ‘sa- … mungkin’.
Conto séjéna: sanyaho-nyaho

2. “Tadi peuting mah teu sirikna salelembur ngepung bangsat.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘sakabéh pangeusi’.
Conto séjéna: saiimah

3. “Budak sageulis-geulis disebut goréng patut.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘sakitu … -na’.
Conto séjéna: sapinter-pinter, saalus-alus


3. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén  R -an
Kecap rajékan binarung rarangkén Ran nyaéta kecap rajékan anu dikantétan ku rarangkén tukang -an.

Contona:  tangkal + R  -an ---------> tatangkalan
                  Kuda + R  -an ---------> kukudaan

Guna jeung hartina di antarana:

1. “Lamun rék ulin ka gunung, ulah ngaganggu tatangkalan.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘loba/rupa-rupa …’.
Conto séjéna: beubeutian, dangdaunan, sasatoan

2. “Adi kuring keur tumpak kukudan.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘tiruan …’.
Conto séjéna: sisingaan, jejelemaan, momobilan, dadaunan

3. “Manéhna malédog, keuna kana mumuncangan kuring.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘babagian awak nu boga sipat saperti …’.
Conto séjéna: peupeuteuyan, kakadutan, kekendangan


4. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén  R -eun
Kecap rajékan binarung rarangkén Reun nyaéta kecap rajékan anu dikantétan ku rarangkén tukang -eun.

Contona:  budak + R  -eun  --------->  bubudakeun
                   Sieun + R   -eun  --------->  singsieuneun

Guna jeung hartina, di antarana:

1. “Budak téh biwirna kakadalieun, kudu diviolétan.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap barang nu hartina ‘kasakit …’.
Conto séjéna: singsireumeun, kokoloteun

2. “Ka Néng Dési téh deungdeuleueun ka kéomna wé.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘terus-terusan aya dina kaayaan asa …’.
Conto séjéna: rarasaeun, babaueun, singsieuneun

3. “Manéhna téh geus kolot, teu pantes bubudakeun baé.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘boga sipat saperti …’.
Conto séjéna: ngongoraeun


5. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén  sa- R -na
Kecap rajékan binarung rarangkén sa- Rna nyaéta kecap rajékan anu dirajékan bari dikantétan ku rarangkén hareup sa- jeung rarangkén tukang -na.

Contona:  hérang + sa- R  -na  --------->  sahérang-hérangna
                   alus + sa- R   -na  --------->  saalus-alusna

Guna jeung hartina, di antarana:

1. “Sahérang-hérangna ogé cai walungan atuh.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘sakumaha  … -na’.

2. “Néangan duit saloba-lobana ambéh bisa indit ka Mekah.”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘aya dina kaayaan teu kawatesanan …’.

3. “Boga duit ngan sakitu-kituna dibawa kabéh!”
Ngarajék binarung ngararangkénan di dinya gunana ngawangun kecap sipat nu hartina ‘lobana kawatesan’.
Conto séjéna: sakieu-kieuna

0 komentar:

Poskan Komentar